Si Kabayan Ngala Lauk
Geus sababaraha peuting Si
Kabayan ngadenge beja, yen tatangga-tatangga lalintarna aruntung bae. Manehna
pohara kabitaeunana, tapi teu boga pakakasna.
Sanggeus mikir sakeudeung,
manehna manggih akal tuluy nyarita ka pamajikanana,”Teung, engke peuting akang
rek ngala lauk ka walungan, kabita ku batur nu aruntung bae.”
“Majar rek ngala lauk? Na rek
naon ngalana? Teu boga heurap, teu boga useup!” tembal pamajikanna haseum.
“Tong rea omong, maneh mah nyaho
engke dahar jeung beuleum lauk we.
Kadieukeun wedang pamere mitoha teh!”
“Cokot bae ku sorangan, tuh
deukeut pago!” tembal pamajikanana merengut keneh.
Reup peuting Si Kabayan indit ka
jalan tempat liliwatan tatangga-tatangga anu...
tas ngarala lauk Manehna eureun
handapeun tangkal caringin gede. Tuluy ditaranjang, awakna dibalur ku wedang.
Sanggeus rata tuluy manehna gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu
tuluy nyumput.
Teu lila ti harita, brul
jalma-jalma anu tas ngarala lauk teh ngaleut ka belah dinya. Waktu abrulan
liwat lebah handapeun tangkal caringin jleng Si kabayan luncat ka tengah jalan
bari igel-igelan. Puguh tingjarerit, cuk kana babawaan,”Jurig! Jurig! Jurig!
Aya Jurig!”
Kalawan rineh jeung
sarangah-serengeh, Si Kabayan mulungan lauk nu ngabayak sapanjang jalan, nepika
pinuh sasarung. Geus kitu tuluy buru-buru balik, sieuneun aya nu nganyahokeun,
sieneun kanyahoan nipuna.
Peuting eta Si Kabayan untung.
Sikabayan buligir teungagge nanaon oge lucu, untungna teuaya nu nyahoeun sikabayan dituturkeun kunti sok disambung cariosna diantos nuhun
BalasHapusSikabayan buligir teungagge nanaon oge lucu, untungna teuaya nu nyahoeun sikabayan dituturkeun kunti sok disambung cariosna diantos nuhun
BalasHapus